Senin, 29 Maret 2010

Bulan Bandung Panineungan

Mun sareupna geus mimiti
Katémbong nyimbutan Bandung
Angin Lémbang turun laun, ngabubuhan
Langit mayung bulan beukah
Mangkat hiji lagu
Kedaling katineung ati, aduh

Mun karéta pangahirna
Geus anjog ka Kota Bandung
Sinyal beureum malang deui, ngahalangan
Kota hurung béntang mijah
Ngaleu hiji lagu
Kedaling kasmaran pikir, aduh

Haréwos peuting marengan hiji lamunan
Bulan di langit Bandung nyaangan
Ngagenténan paneuteupna pangimplengan
Langit isuk angger biru, nya eulis
Duh angger biru

Hariring peuting pamirig hiji impian
Bulan di langit Bandung nyaksian
Wawakil ti pameunteuna panineungan
Kembang mawar angger beureum, nya eulis
Duh angger beureum

Mun radio geus karungu
Nembangkeun lagu pamungkas
Mirig sora ancad halon, pileuleuyan
Peuting cicing, kota jempling
Jerit hiji lagu
Kedaling kakeueung haté, deudeuh

Mun balébat gagatrina
Geus hibar wétaneun Bandung
Angin nonggoh lalaunan muru Lémbang
Bulan surup langit biru
Tamat hiji lagu
Harepan tembong ngalangkang, aduh

Kamelang

hate teh keur rada salempang, komo mun pareng nyingareupan wanci sareupna bari hujan ngaririncik ti sore keneh, asa loba kamelang hirup jauh ti dulur jeung ti kolot teh, asa euweuh pisan tempat keur pakumaha. jung nangtung rada lalinglung, asa kebek ku piceurikeun, lamun seug teu inget kana pangawak mah da hayang jejeritan bari gogoleran. ngong adzan magrib asa nambahan kapeurih, berebey ci panon ngalembereh mapay pipi, asa bet harianeun kuring ka pangeran, haben we mikiran dulur nu jauh kolot nu anggang, padahal kuring boga pangeran nu murbeng alam. gusti nu teu weleh ngaping ngajaring diri, Allah nu teu weleh deukeut jeung sakabeh mahluk na. buru-buru kuring ka cai, wudlu bari rasa angger rada ngarakacak. keun sugan we ieu hiji ubar hate sangkan leuwih tenang tur tumarima. mudah2an Allah swt maparin kakiatan sareng ka sehatan. nitip pun biang sareng pun bapa ya Allah, nitip lanceuk jeung adi kuring ya Allah, nitip Alo-alo kuring ya Allah, mudah2an sakumna dina wanci anu ayeuna keur tunduk sumujud ka Anjeun ya Allah, 

ret kamelang teh rada ka ubaran, bener ceuk ajengan , ku sholat mah sagala masalah pasti bisa di rengsekeun, sagala karerepet pasti bisa di tungtas keun. peuting beuki nyerelek ka wanci janari, keukeuh panon can bisa di peureumkeun, euweuh pisan pi tunduheun, anginpeuting nyeleket kana tulang tonggong. poho simut teu ka jait, jadi we baseuh ka hujanan. kalah parat ka subuhnakeun panon teh kalah jeler beureum jiga nu tos mabok, sirah balideg, beuteung mules, sungut murel. piraku ari nyiram mah. ah meureun kuring teh asup angin. sanggeus sholat subuh mah kuring buru-buru naheur cai keur ngahaneutan peujit.